punten ah nuju hoyong posting basa sunda, mung tong nyangki bade nganggo basa sunda nu sae. soalna sim kuring teh tos lami di tanah sabrang pulo sumatra.
tos tujuh usum sim kuring ngalalana nyiar elmu nyiar pangalaman di tanah nu kantos di sumpingan ku raja sunda waktos ngalalana, naha aya raja sunda nu ameungan ka sumatra kitu? atuh puguh, kaleresan abdi kantos maca hiji novel sunda terbitan rahmat cijulang anu judulna “wastu kancana”. ari wastu kancana anu kantos nyaba ka lampung teh teu aya sanes calon raja sunda anu hidup dina waktos perang bubat.
sim kuring leubeut ka lampung taun 2000, kituna teh sim kuring mah teu terang naon-naon, boro-boro dulur baraya, dongenna teu acan ngadangu. tah, ti saprak eta sim kuring ngadumuk di provinsi nu katelah sang bumi ruwa jurai, nu hartosna cenah mah cenah hiji daerah nu dieusi ku sagala perbedaan tapi tetep ngahiji sauyunan.
eh, punten sanes bade nyarioskeun sajarah hirup, mung ieu mah hoyong posting we ku basa sunda, tami teu aya padamelan. padahal mah padamelan mah seueur, mung geuning ari damel nu resmi mah males, ari damel teu puguh kieu mah geuning rada lancar, duka kusabab hobi duka emang beuki, he he he …
tos heula ah, bilih seueur nu teu ngartos, mangga we nganggo kamus basa sunda … cag
ari wastu kancana anu kantos nyaba ka lampung teh teu aya sanes calon raja sunda anu hidup dina waktos perang bubat.
kedahna mah…
ari wastu kancana anu kantos nyaba ka lampung teh teu aya sanes calon raja sunda anu hirup dina waktos perang bubat.
😉
@ kang doni : tah eta kang nu leres mah, hatur nuhun ah, maklum gening ari ngumbara mah jadi pabaliut deui euy
nggak ngerti samasekali..
g gngerti sma skali……….pusiingggggg
duh kang doni. geningan cacaritaan kang doni meni sami pisan sareng simkuring. mung simkuring mah ngalalana di pulo sumatera teh di medan na, anu seu2eurna jawa melayu.
tapi insya4JJI ari kanu bahasa ibu mah moal hilap ;)).
mangga kang teraskeun posting nganggo bahasa sundana, supados basa sunda teu lenyap ku pangumbaraan.
-salam sukses slalu-
ari abdi mah ka daerah lampung anu bahasana aya opat bahasa ogan ,jawa,sunda.melayu
sae kang, abdi ngadukung pisan.
Aku baca ini,terus aku liat kamu sudah baca novel Wastukancana bolehkah kamu mengeluarkan blog ttg resensi novel wastukancana dan unsur intriksik serta ekstrinsiknya terus majasnya kalo ada.maaf yah saya minta bantuannha dong